Kakarèn "Nyiar Lumar" (1)


MUGIA JANTEN KABAGJAAN KA SADAYA

Haruuuh, uing leungiteun kecap, Lur! Seuseut pisan geuning rèk ngagambarkeun kabagjan ku gelaran "Nyiar Lumar" nu kamari tèh. Bagja nu taya papadana tèa. Tepi ka hèsè rèk dituliskeunana.

Geura baè, uing spk keur sumedeng bingung mikiran waragad. Geus jajaluk ka ditu, ka dieu, ka instansi, ka para tokoh kalih pajabat Sunda nu cenah micinta budaya Sunda, lebeng taya nu malirè. Keur bibingungna pisan,  bet aya tokoh, nu teu kungsi kacaturkeun lèlègègan ngabudaya Susundaan, naroskeun nomer rèkening panitia. Kantenan, panitia ngemplong hatè. Angot sanggeus aya sawatara babaturan nu ngaririmkeun cicis, boa sasat ngaduakeun huap demi kalancaran "Nyiar Lumar". Bèya cumpon najan teu maksimal ogè. Bagja tèh, Lur!

Sabulan campleng prosès di tabet (leuweung karamat) Astanagedè, saban poè kapegat baè ku hujan. Nu latihan, nu nyarèting  jadi mindeng pisan kandeg. Ngaharunted. Teu puguh cabak. Na atuh, ti poè Kemis tepi ka derna acara dina malem Minggu 19 Novèmber kamari, hujan tèh dumadak raat. Langit Kawali lènglang narawangan. Komo malem Mingguna mah, bèntangna munggah baranang. Ari kituna tèa mah saha heula atuh nu nyarangna. Haha! Bagjana kabina-bina.

Nyaan, Lur! "Nyiar Lumar" taun ieu mah sagala "paling". Paling èndah cuacana, maklum kahibaran ku Super Moon. Paling rèa panongtonna, welasan rèbu, carunduk ti mana-mendi, bari tartib teu matak pihariwangeun. Paling hèbring artistikna, da ka garap saban rohangna, sok sanajan dina keur migawèna mindeng kagaganggu ku hujan. Paling haradè ajèn pagelaranana, matak deungdeuleueun, matak dèdèngèeun. Matak bagja kamayangan!


Numatak, pamilon "Nyiar Lumar" taun ieu mah tangtos sami-sami bagja, da puguh aranjeunna tos disuguhan rupi-rupi kamonèsan nu moal aya duana saalam dunya..

Post a Comment

No comments