Godi Suwarna : Panineungan "Nyiar Lumar" Munggaran (4)
SORA-SORA HANDARUAN TENGAHING LEUWEUNG
Tanggal 20 Mei 1998. Bada Isa.
Pamilon acara "Nyiar Lumar" ngariung di buruan SMA
Kawali. Husu ngadarunga samèmèh ngabring ka tabet (leuweung karamat)
Astanagedè. Teger wèh ari geus masrahkeun ka Nu Murbeng Alam mah. Poho wèh kana
ancaman aparat, yèn lamun "Nyiar Lumar" jadi acara ngiritik
pamarèntah, panitia bakal dikerewed. Poho wèh yèn rèrèana pamilon "Nyiar
Lumar" tèh nya èta mahasiswa nu baruringas, nu beurangna tas ngadarèmo
Soeharto di lapang Gasibu, Bandung.
Ti SMA, para uleman karuhun tèh badarat muru tabet nu
anggangna kira-kira sakilo mèter. Marawa obor, mapay jalan satapak, mapay
galengan, kukucuprakan meuntas walungan Cikadongdong. Sajajalan dipirig suling,
dipirig beluk. Diwawaas abis. Sora cai, sora sato-sato peuting, mirig lèngkah
para mantan dèmonstran nu dumadak jadi lalungguh, lir nu dipèpèndè alam
sapanjang jalan ka patilasan. "Haruuuh, asa dicèos ku ès, Kang," ceuk
saurang pamilon nu sirahna dibengker ku lawon "Reformasi".
Na atuh, bet kapireng hawar-hawar sora nu susurakan ti lebah
lawang sakètèng tabet. Uing rungah-ringeuh. Sigana, barudak pamaèn masih
ngariung kènèh di gerbang. "Sina siap di tempatna sewang-sèwang,
Dang!" cekèng ka Dang Q, salaku pupuhu acara. Da kitu dirancangna acara
tèh. Tempat magelaranana bèda-bèda lokasi. Aya nu di gerbang. Aya nu di jero
situsna. Aya nu di lapang luareun situs. Nya panongton nu ngabujeng ka saban
tempat pagelaran.
"Nu susurakan tèh penduduk, Kang! Gerbang pinuh!"
ceuk Dang Q sabada mariksa lawang sakètèng. Uing ngahuleng. Teu kacipta rèk
dideugdeug ku warga. Persiapanana gè rerencepan. Malah, teu kacipta pamilonna
rèk ngabring pisan, da ngabèjaan tèh ukur ka sababaraha urang. Tadina mah
"Nyiar Lumar" tèh rèk acara ti seniman keur seniman baè. Tètèla, duka
kumaha carana, "Nyiar Lumar" sumebarna di luar perhètangan panitia.
(Emut, harita mah pan can usum HP-HP acan).
Rèngsè pidangan komposisi tari "Rajah Pamunah"
beunang Nèng Peking di lawang sakètèng, nu padedet dilalajoan ku warga jeung
para tatamu, pamilon ngabring ka jero situs, siap-siap ngabandungan acara baca
sajak ti para panyajak petingan. Di situs tèh aya prasasti. Ari prasasti tèh
eusina puisi nu dipahat dina batu ku para kawi alias panyajak jaman bihari. Ku
kituna, baca sajak di situs tèh itung-itung temu karya antara panyajak bihari
nu karyana dipidangkeun dina batu, jeung panyajak kiwari nu karyana dina
keretas.
Der, maraca sajak. Na atuh, aya saurang panyajak nu
ngacungkeun peureup bari ngagorowok tarik pisan: "Gantuuung
Suhartoooo!!!" cenah. Diturutan ku nu lalajo. Para mahasiswa nu tas darèmo
ti Gasibu tèa, nu asalna aranteng, lalindeuk, geus kitu mah lir nu disundut,
baruringas deui. Tinggorowok. Gorowok "Gantung Suharto" terus-terusan
gumuruh selang-selang tina sajak-sajak kritik sosial nu tararik naker. Tabet nu
sakitu sangetna tèh barubah jadi lapak ngadèmo Soeharto jeung Orde Baru.
Aingaaah! Piraku panitia kudu ngeureunkeun para panyajak nu
keur makalangan? Mun kitu tèh atuh sarua wè jeung balad Bah Harto. Ras deui
kana ancaman aparat. Yèn lamun "Nyiar Lumar" ngiritik ka pamarèntah,
sakabèh panitia bakal dicangkalak. Uing rarat-rèrèt. Asa jadi rèa intèl di
tabet tèh. Tètènjoan. Uing ngolèsèd. Muru ka lapang luareun tabet. Di lapang,
aya Dang Q keur ngahuleng, sabot nungguan liwet dina amparan daun cau, nu rèk
disuguhkeun ka pamilon.
Uing jeung Dang Q nu pangkolotna di antara panitia jeung
para pamaèn tèh. Barudak mah rata-rata SMA kènèh. Mun aya kajadian nanaon, mun
ieu acara dibubarkeun,. mun sarèrèa ditèwak ku aparat Orba, nya tangtuna ogè
uing jeung Dang Q nu bakal disalahkeun ku kolot-kolot murid tèh.
"Gantuuung Suhartooo!" Kapireng nu tinggorowok,
handaruan, patèmpas-tèmpas ti lebah tabet. Uing ukur bisa silih teuteup jeung
Dang Q. Pasrah.

Post a Comment