Serat Kawalian 2 | Sajak Godi Suwarna
SERAT KAWALIAN 2
(Citraresmi)
Di dieu, di puseur nagri halimun, tepung deui
Jeung tutunggul nu teu weléh ngalanggengkeun lalakon
Getih salira. Saban wanci, hujan keris ngagulidag
Nyiksik dada nu ngatiga. Basa leuweung beuki lénglang
Létah cidra geuning terus ngabudahkeun areuy tua
Sapanjang walungan mangsa. Jungjunan, najan lanjung
Léngkah kalah ngarandakah palebah umpakan angin
Nu lebuna nyidem tatu. Gumelebug
Tina lukut kana kalbu
Gupay-gupay kakayon jeung hiuk waktu
Murudulkeun kalakay pucuk jamparing. Niruk panon
Jeung genggerong. Lir salira nu jumerit maratan abad
Jeung abad, aweuhan lalancip kawih mirig kalakay kacapi
Nu kasawang tingkalayang ngurugan jugang katineung
Kadaka nyampak nanahan basa ringkang ngaligincing
Rumanggieung néang asih tina petétan kapeurih
Nu lumengis dina reumis jeung hinisna
‘Na ruruhit ibun bajra
Nyangsaya di Linggahiang. Bet kapireng surak duhung
Gumuruh meuncit papanting. Mangpirang pedang
Kasawang nyisit kukupu. Pakarang teu weléh gangas
Ngudag-ngudag juringkang ka patilasan. Jungjunan,
Layung hideung jadi umpalan kakeueung nu mindingan
Genclang asih sanggeus tumpur sakur ketak
Balas nyorang tegal tumbak. Kari peuting
Humarurung. Kari batu tingragamang
Mipit genclang getih bulan
Astanagedé, 98

Post a Comment