Godi Suwarna : Panineungan "Nyiar Lumar" Munggaran (3)

MANGPIRANG GURIANG TINGGURUJAG KA KAWALI

Nya kitu, 'Lur! Acara gelar budaya "Nyiar Lumar" tèh dikonsèp jangeun ngarerepkeun kamarudah, kaguligah, dina nyanghareupan sikon pulitik jeung èkonomi harita, taun 1998. Ètang-ètang niiskeun pikir. Apan tempatna gè ngahaja dipilih di tabet (leuweung karamat) Astanagedè nu tingtrim, euyeub ku siloka lenyepaneun, dina batu-batu prasastina, dina kayon-kayonna, di hulucaina. Kabeneran, tabet tèh teu jauh ti SMA Kawali, minangka "markas" kagiatan "Nyiar Lumar" nu mungggaran.

Salila tatahar, pamaèn jeung panitia marondok moèk di sakola. Marekel bèas, sok ngadon ngalaliwet. Na atuh, Dadang M. Rochlièq alias Dang Q, salaku Pupuhu Panitia, hiji poè curhat ka uing. Inyana dipanggil ku Kapala Sakola. Barudak maraling bèas jeung emi ti koperasi sakola, cenah. Da puguh barudak nu keur meumeujeuhna belekesenteng, teu welèh lapar jeung lapar. Teu cukup ku bèas bekel ti imah. Ari rèk meuli, teu kabual sigana, apan harita mah sagala mahal da keur usum krismon tèa. Aya-aya waè!

Da puguh keur sumedeng harènghèng, sabot digarawè, sabada lalatihan, barudak tèh teu welèh ngalobrolkeun kaayaan nagara. Ka tabet tèh sok jul-jol ogè nu lian, para pamuda, mahasiswa. Garuligah. Angot sanggeus kajadian tanggal 12 Mèi 1998 mah, sabada kajadian tragedi Trisakti, panitia beuki tagiwur baè. Dang Q beuki mindeng disaur ku Danramil. Mun "Nyiar Lumar" jadi acara ngiritik pamarèntah, sakabèh panitia bakal ditèwak, kitu ceuk nu ti Kodim.

Ras. Uing inget. Yèn aya sawatara budak nu kungsi maèn oratorium dina raraga hari jadi divisi Siliwangi di Bandung, sarta dibèrè piagam nu ditandatangan ku Pangdam. "Sakur nu boga piagam ti Kodam, bawa! Mun aya nanaon, mun urang ditèwak ku tentara, tèmbongkeun piagam nu aya tandatangan jèndral atasanana. Minimal urang moal digebugan," cekèng, asa cerdas, ari hatè mah angger cangcaya kana omongan sorangan.

20 Mèi 1998. Pasosorè. Tatamu carunduk. Ngariung di buruan SMA Kawali. Geus lir nu ti Ciamis jeung ti Tasik mah, nu jumlahna leuwih rèa ti nu kacipta ti anggalna. Ieu mah bet murudul tamu ti Bandung. Mahasiswa nu tas darèmo ti lapang Gasibu. Pasemonna baruringas. Salangar. Sirahna dibalengker ku lawon nu diaksaraan: "Reformasi". Ngaromong pacowong-cowong, ngarupat Soeharto jeung Orde Baru. Panitia hemar-hemir, bati bingung, da teu rumasa ngondang nu jarauh.

Beuki sorè, uing beuki teu puguh rarasaan. Samar polah. Samar cabak. Geus asa gep, asa gep, ditekuk aparat. Aya Guru SMA Kawali, bagèan kasiswaan, hayoh wè nunuturkeun uing, bari teu welèh ngangluh, satengah nganaha-naha bet ngondang mahasiswa nu salangar. Uing ngalèos ka ditu, ka dieu, èta Pa Guru teras ngiclik bari ngecebrek. Lila-lila mah uing teu tahan ogè. Pa Guru dijambret samblèh bajuna. "Ari sia kalah kukulutus waè atuh! Aing gè sarua geumpeur, deuleu! Babacaan, satèh!" cekèng.

Haruuuh, Gustiii...!

Da puguh turunan guru, saumur-umur sim uing tèh teu welèh hormat tilawat ka para guru. Harita bet kalepasan. Ampuuun! Paraluuun! Pangapunten, Pa Guruuu...!

Post a Comment

No comments