Tariking Jempling
yasana: Godi Suwarna
potrét © Raga Rahayu Dipura/Tim Artistik Nyilum
Di leuweung namperkeun peuting
Héab waktu rerep dina batu-batu
Léngkah angin kandeg ‘na hunyur halimun
Baranang genclang cicika pasulabreng
Ngepung peteng, tingkalayang tina rungkun
Kana kalbu nu ngulawu. Gumulung
Di puseur Handeuleum Sieum
Di leuweung tengahing jempling
Mireng hégak napas daun nu pamungkas
Mireng keclak cikaracak ninggang bulan
Astanagedè 02
*
(Nyobian obor di "Lapak Panyajak" kanggè wengi ènjing dina acara "Nyiar Lumar". Dipotrèt ku panata Artistikna: Raga Rahayu Dipura)
Post a Comment