Nyiar Lumar Nan Fenomenal


Nyiar Lumar téh hiji acara budaya anu diayakeun dua taun sakali. Pésta rahayat anu lain ukur suka bungah hura-hura, tapi leuwih onjoyna, metot ka jero. Aya atikan nu ngarambat dina gurat pintonan, sangkan diri bisa neuleuman asih nu sajati, hirup kumbuh jeung rupaning mahluk Gusti, ti mimiti tatangkalan, margasatwa, lemah, cai, seuneu, angin katut mahluk tan kaindra nu aya di sabudeureun urang.

Mimiti ngiluan Nyiar Lumar, mun teu salah mah, taun 2002, diajak ku Kakang Prabu Godi Suwarna malah dihiras maca sajak sagala. Sebagéy jalma nu masih boloon dina kasenian, nyahona ngan ukur Rollin' Stones, Gun N' Roses jeung System of Down, atuh jadi mata simeuteun nempo rupa-rupa kasenian buhun nu dipintonkeun dina pagelaran harita.

Pangalaman nu kaasup ahéng keur sauingeun mah, salian ti pintonan anu unik, settingan tempat ogé dihaja diwawaas jiga asup ka nagara "antah-berantah". Astana Gedé nu mangrupa situs sajarah téh, disulap jadi rohang-rohang magis nu metot haté jeung rasa.

Acara budaya anu FENOMENAL hasil gawé tanpa pamrih ti para seniman Tatar Galuh nu ngajénan kana karya karuhunna, laju dimumulé, dipapaés sangkan matri 'na ati, teu kaluli-luli.

Hayang pisan di Lampéan, lembur uing, nyieun acara samodél kitu.

Di Lampéan gé aya acara matuh nan héboh, nyaéta "Pasar Malem Lampéan" Acara FENOMENAL diayakeun di lapang bola tengaheun kampung, acarana mah kawas Pasar Malem biasa, sakurilingna rajeg ténda-ténda, dieusian ku nu daragang batu ali, cangcut murah, cocooan budak, kios udud nu didaragoan ku barudak awéwé nu erokna pungsat, korsel jeung paméran sato gé araya. Hiburanana, ti mimiti jaipongan, dangdut, bobodoran, band, tumplek piligenti ngeusi acara. Malah keur pangbibitana, sok ngahaja manggil artis kabupaten nu geus kakoncara. Asupna ditiket, kudu mayar saanu, acan keur nu mawa kandaraan mah, kaseglong ku ongkos parkir nu hargana edun.

Tapi ceuk Mang Lebay sebagéy panitia, ieu téh acara alus kacida, hebat, fenomenal. Hajat rahayat, hajatna urang Lampéan, saeutik gé teu maké anggaran desa, cenah.

Haaar? Ari Mang Lebay cageur? Éta mah EO atuh, piraku EO rék ménta modal ka desa? Meureun tina tiket, ti sponsor, séwa ténda jeung séwa-séwa séjénna ogé, nu murudul téh duit wungkul, geus batian sakitu gedéna, asa ku anéh mun kudu ménta anggaran ka desa.. Enya émang sok kadéngé, Mang Lebay ngacaprak, cenah acara téh rugi, panitia nombokan. Hooor? Kunaon atuh ari rugi jeung rugi mah, diayakeun deui-diayakeun deui? Rugi atawa kurang gedé bati?

Seug waé Mang, rék usaha mah, moal aya nu nyarék. Ngan sok rada garéték téh, mun geus hohoak, majar teu disumbang anggaran, teu nyokot tina Anggaran Desa, murni hasil ngodok tina saku sorangan. Nya piraku atuh Amang nu usaha, Amang nu untung, kudu didanaan ku desa? Bari jeung angger pihak Desa, kusabab rungsing ku nu ngacaprak, nya sok ngirimkeun utusanana pikeun ngeusi acara. Apan ku panitia mah teu diongkosan, meureun keur ngongkosan seniman nu ngeusi acara téh, Lurah nyokot ti kas desa, tina Dana Desa. Ari nu kitu teu kaasup disumbang ku anggaran desa?

Meureun kakarék uing nu wani nulis kieu, lolobana mah ngadukung, ngéngklokan jeung muji-muji. Da nyarahoeun urang lembur gé, Mang Lebay mah resep dipuji anti dicaci. Okosna tara aya nu wani ngritik ka Mang Lebay téh, kahiji heurin ku létah, kadua asa palaur, sabab jawara-jawara pesbukna saban waktu samagréng siap sedia, ngajaga bisi aya komén rada nyelekit kana acarana. Ku para jawara pesbuk anak buah Mang Lebay komén nu kitu téh, sok tuluy diserang balik bébéakan atawa dipupus. Ku kajadian kitu gé uing nyaho, yén Mang Lebay sabalad-balad boga méntal anti kritik, alias embung dikritik. Ampun aaah.

Kungsi kajadian, taun kamari, aya budak ti rombongan topéng monyét, ngacaprak dina pesbuk, ngarasa dimomorékeun, ari manggung ka luar Lampéan sok sagala dipupujukeun, naha ari manggung di dieu, padahal lembur sorangan, ngagolér diémpér panggung bari beuteung murilit teu kaeusian, cenah. Teu kudu ngadagoan sajam-dua jam, éta status pesbuk téh ngadadak leungit, dihapus deui. Meureunan diteken ku jawara-jawara pesbuk Mang Lebay sangkan éta status téh dipupus.

Balik deui kana acara Nyiar Lumar, asana mah, Mang Lebay sabalad-balad panitia "Pasar Malem Lampéan" nan fenomenal téh, kudu lalajo jeung milu nyakséni, nu kumaha ari anu disebut acara fenoménal téh. Nu kumaha ari anu disebut hajat masyarakat téh, ulah sok ngabobodo, dumuk-dumuk usaha nyiar untung, tapi sok mamawa masarakat, nga-atasnamakeun rahayat. Tuh ilikan, sakumaha boborotna, panitia Nyiar Lumar mah tara gogorowokan ka Pamaréntah, da sanés pencitraan tapi kaikhlasan. Kitu tah Mang. Yu ah ka Nyiar Lumar...!

Seratan yasana: Abah Sarjang, Seniman Karawang.

Post a Comment

No comments