Godi Suwarna : Panineungan "Nyiar Lumar" Munggaran (1)
TI GEDONG KASENIAN JOG KA SITUS ASTANAGEDÈ
Tos "Nyiar Lumar" deui baè. Uhun, malem Minggu
engkè, ping 19 November 2016. Emh, teu karaos ari waktos. Baris nyorang deui
acara dua taunan nu dikawitan taun 1998, nu dugi ka kiwari teu welèh
diarep-arep ku urang Sunda nan berbudaya. Malah, lain urang Sunda wungkul nu
sok sarumping tèh, dalah urang nagara jeung benua sabrang ogè sok aya nu
ngaluuhan. Raresepeun. Cang kungsi aya nu komplèn.
Teu ngahaja-haja rèk nyieun acara "Nyiar Lumar"
tèh. Mimitina mah tina acara kèmping barudak Tèater Jagat SMA Kawali. Sok
dibagi per grup. Saban grup kudu nampilkeun kasenian, naon baè. Digelar
peuting-peuting bari api unggun, nyeungeut damar sèwu. Dipungkas ku ngaliwet.
Tuluy ngalobrol daria. Di antarana, barudak tèh ngalalamun hayang boga gedong
kasenian.
Ari uing teu pati kabita ku gedong kasenian tèh. Da geuning
gedong-gedong kasenian di kota-kota laleutik mah teu kaurus ieuh. Programna teu
puguh da teu dimodalan ku pemkabna. Dina ayana ogè sapèrèlèk pisan. Teu cukup
jangeun muruhan tukang sasapu-sasapu acan. Puguh wè, gedong-gedong kasenian tèh
tèreh pisan nararik kolotna.
Atuh dina bogana gedong kasenian, mun urang lembur barang
jieun kasenian, can karuhan urang dayeuh nu aranggang kalerseun rurumpaheun
sarumping ngalalajoan. Jangeun urang lembur mah asa mending nyieun acara nan
unik, nu moal aya duana di dunya.
"Urang tèh boga situs nu kawilang penting keur urang
Sunda mah. Astanagedè. Matak naon mun cuang nyieun acara di Astanagedè? Siga
kèmping kieu wè, ngan skalana digedèan! " cekèng. Dang Q, Kokolot Tèatèr
Jagat harita, jeung barudakna, sapuk rèk ngagelar kasenian di situs Astanagedè,
patilasan Gusti Putri Citraresmi kalih Eyang Prabu Niskala Wastukancana.
Geura kè cuang pedar, kumaha lalakon Dang Q spk, basa
ngagarap "Nyiar Lumar" nu munggaran, taun 1998, sapoè samèmèh Orde
Baru runtag. Seru, keueung, ahèng. Pokona, ruaaar biasaaa!
Antos baè pedaran salajengna! Okèh?

Post a Comment