Mapag "Nyiar Lumar": SERAT SAPATILASAN


yasana: Godi Suwarna

Baeu angin, geura ngampih ka hieum-hieum handeuleum
Sabada rongkah gumuruh ngabedah-bedah amarah
Reureuh deui di hiji leuweung nu teu weléh humariring
Nataan kayon katineung nu kasawang kumalayang
Nilar akar jeung gupay areuy-areuyna

Baeu batu, mangka panceg maseuk kalbu nu ngulawu
Najan raca sésa mangsa kaimpleng jemplang pépéling
Sabada jamparing angin pasulabreng ngepung leuweung
Da geuningan tinggal tunggul jeung kalakay nu ngabarak
Satengahing riuk lukut nyungsi genclang hulucai

Baeu bulan, kapan langit beuki lénglang di leuweung
Nu keur ngarancang. Sanggeus angin ngagulidag
Ngaburak rerembet tabet, kari batu najan tatu tapak waktu
Kudu hibar nganteur peuting néang beurang
Ka pucuk-pucuk balébat nu ngempur di huluwotan

(Astanagedé, 02)

Post a Comment

No comments