Kawali Tungtung Janari
yasana: Abah Sarjang
potrétna © Mang Iki
Jajantung katiruk seuseukeut liwung
Bayah raca baranahan
Kawarangan gendam tresna
Nya di dieu raga kari raga
Sukma nguyung katalikung tenung
Candra rengat tarelaan
Hibar sakedapan
Hurung kuwung laju mancawura kasarad balébat
Cahya damar séwu narungtutan miang
Nganteur mulang nu amit ninggalkeun kalang
Sanggeus sapeupeuting humaregung humariring
Diayunambing perlambang nu maridang dina réngkak reujeung tembang
Tepas Citraresmi simpé deui
Kari urang nu kalangsu katingker nafsu
Meupeus keuyang ka kalangkang nu ngabayang sapanjang nyiar cacaang
Saban ranjug patrem nanceb nyiksik jajantung kaduhung
Lawung nu kabayang hurung ngadon meredong ku mongkléng
Hawa nyongkab ngaraja braja
Raga dibeuleum kaceuceub
Daging lééh nyarékclékan
Wanci maténi taya kandegna
Urang nemasing pati
Teuing nu ka sabaraha kali
Kawali 2004
Post a Comment