Godi Suwarna : Panineungan "Nyiar Lumar" Munggaran (2)
TI PALAGAN BUBAT MAPAG GÈNJLONG INDONÈSIA
Kacaturkeun, sabada ngariung sababaraha kali, tungtungna
sarèrèa, Tèater Jagat SMA Kawali nu diluluguan ku Ang Dang Q, sapuk yèn tanggal
20 Mèi 1998, peuting, rèk ngayakeun pagelaran kasenian di situs Astanagedè,
Kawali. Patilasan karajaan Galuh Pakuan nu sajarahna geus jadi kacapangan urang
Sunda, nya èta lalakon Tegal Bubat nu matak miris tèa.
Sadaya tos pada uninga, rèh dina taun 1998 tèh ieu nagri
keur sumedeng gunjang-ganjing. Rezim Soeharto jeung Orde Baru-na keur didarèmo
bèbèakan ku rahayat. Harita, nagara mèh sajegur-jegureun bitu. Indonèsia keur
aya dina ancaman perang sadulur. Naha balad Orba atawa kaum rèformis nu bakal
unggul? Rahayat garuligah. Puncak kaguligah harita tèh apan dina bulan Mèi
pisan.
Acara nu rèk digelar tanggal 20 Mèi 1998 tèh ku sim uing
dijudulan: NYIAR LUMAR. Harti "tersuratna": Nyiar tèh nya èta
nèangan. Ari Lumar nya èta supa nu sok hurung di leuweung, dina kai nu geus
barobo. Nèangan genclang cahaya satengahing samagaha, kitu kira-kira. Harti
tersirat "Nyiar Lumar" nya èta: nyiar luang tina sajarah Kawali,
sajarah Sunda. Ngeunteung (di "Batu Eunteung") ti nu kaalaman ku para
karuhun urang nu carem di Tegal Bubat.
Yèn urang kudu waspada kana tipu-tipu pulitik. Yèn sok
sanajan mèh kabèh karuhun urang gugur di palagan Bubat, tapi Niskala
Wastukancana, generasi penerus Lingga Buana spk nu galugur di Bubat, apan jadi
raja Sunda nu kakoncara adil palamarta, ngerèh nagarana ogè leuwih ti 100 taun.
Kukituna, mun tèa mah Indonèsia harita tepi ka ngalaman
perang sadulur, mun tèa mah ngalaman tepi ka ancur-ancuran, muga-muga wè aya
generasi penerus anu bakal nanjeurkeun kajayaan nagri, kawas ceuk dina prasasti
Kawali: "Aya ma nu pandeuri, pakèna gawè rahayu, pakeun heubeul jaya di
buana".
Kitu nu kapikir ku sim uing saparakanca sabot lalatihan
kasenian, sabot ngadalèkor di patilasan. "Nyiar Lumar" rèk dijieun
acara meditatif, interosfeksi. Ngan orokaya, Ang Dang Q salaku pupuhu acara,
hariweusweus sabada disaur ku Kapolsèk kalih Danramil Kawali. Yèn cènah, lamun
"Nyiar Lumar" jadi acara kritik sosial, panitia bakal dicangkalak ku
aparat. Kantenan, wadiabalad garuligah.
Berengbeng uing ka Bandung, dina raraga nyiar dukungan sakaligus nyiar cicis jangeun
waragad, bari rèk ngulem para kasepuhan. Kabeneran, harita tèh keur aya acara
di Rumentang Siang. Para inohong nuju ngariung. "Undurkeun acarana, Godi!
Apan tanggal 20 Mei tèh puncakna krisis Indonèsia. Urang rèk nyaksian parubahan
di ieu nagri. Sajarah pisan," saur Kang Wahyu Wibisana, mahaguru sim uing.
Diheueuhan ku para inohong lianna.
Sabab nyanghareupan mahaguru, ogè para inohong lianna, uing
kudu katangar pinter. Pok wèh uing tèh: "Yaktos, puncakna krisis, nu bakal
ngajelegur janten revolusi. Tah, ping 20 Mèi tèh Indonesia bakal ancur lebur.
Sadaya wargana bakal maraot. Nu salamet tèh mung ukur nu ngiringan 'Nyiar
Lumar'. Kitu nu bakal kajantenan," cekèng, kagok ngarahul.
Nu ngariung sareuri maur. Da puguh keur palaur ku sikon tèa!

Post a Comment